Kategori
Filosofi Inspirasi Islam Leadership Pahlawan Pribadi Sejarah Sunda Tokoh

Biografi KH Zainal Mustafa Dina Basa Sunda (Bagean-2)

Dina saban dakwahna KH Zainal Mustafa sok nekenkeun pentingna bajoang ngalawan pangjajah kafir Jepang anu langkung telenges ti Belanda kalawan ngadengungkeun perang jihad. K.H. Zaenal Mustafa oge ngagiatkeun santrina kanggo ngalakukeun latihan fisik kalawan ngalakukeun latihan beladiri penca silat. Saban dinten di pasantren Sukamanah diayakeun latihan perang-perangan sarta pangajian kanggo ngandelkeun sumanget bajoang.

Sacara cicing-cicing santri Sukamanah atos ngarencanakeun kanggo ngalakukeun tindakan sabotase ka pamarentah Jepang. Sakelompok alit santri anu kalatih bade dikirim ka dayeuh Tasikmalaya kanggo ngalakukeun gerakan anu ngarugikeun pamarentah Jepang. Contona, nyulik para pembesar Jepang, ngaleupaskeun tahanan pulitik, ngarusak sarta ngancurkeun sarana-sarana umum sepertos kawat telepon sarta sarana penting anu biasa dipake ku soldadu Jepang.

Persiapan para santri ieu kaambeu Jepang dugi maranehanana ngirim camat Singaparna dibarung 11 staf sarta dikawal ku sababaraha anggota pulisi kanggo ngalakukeun proses panewakan. Usaha ieu henteu junun, sumawanten maranehanana ditahan di imah KH Zainal Mustafa. Enjingna, jam 8 isuk ping 25 Pebruari 1944, maranehanana dilepas ngan pakarangna dirampas.

Kajadian ieu mangrupa mimitina  kajadian bersejarah tina perlawanan langsung santri Pasantren Sukamanah anu ngabalukarkeun gugur na puluhan santri Sukamanah. Para santri anu gugur dina perang eta jumlahna 86 jalmi. Anu tilar di Singaparna margi disiksa aya 4 jalmi. Tilar di panjara Tasikmalaya margi disiksa aya 2 jalmi. Tilar di Panjara Sukamiskin Bandung aya 38 jalmi, sarta anu ngalaman cacad (kaleungitan panon atawa ingetan) aya 10 jalmi.

Sajaba ti eta kira-kira 700-900 jalmi ditewak sarta diasupkeun ka jero panjara di Tasikmalaya. KH. Zainal Mustafa sempet masihan instruksi sacara rusiah ka para santri sarta sakumna pamiluna anu ditahan supados henteu ngangken kalibet dina perang ngalawan Jepang, kaasup dina tiwasna para opsir Jepang, sarta tanggung jawab ngeunaan pemberontakan Singaparna dipanggul sapinuhna ku KH. Zainal Mustafa. Balukarna, saloba 23 jalmi anu dianggap boga salah, kaasup KH. Zainal Mustafa sorangan, dibawa ka Jakarta kanggo diadilan. Nanging maranehanana ical tak tangtos rimbana.

Pandeuri, Kapala Erevele Belanda Ancol, Jakarta masihan wartos yen KH. Zainal Mustafa atos dieksekusi dina 25 Oktober 1944 sarta dimakamkeun di Taman Pahlawan Belanda Ancol, Jakarta. Ngaliwatan panulusuran salah saurang santrina, Kolonel Syarif Hidayat, dina warsih 1973 ayana astana  KH. Zainal Mustafa  kapendak di wewengkon Ancol, Jakarta Kaler, sareng astana-astana para santrina anu aya di antawis astana-astana soldadu Belanda. Dina 25 Agustus 1973, sadaya astana eta dialihkeun ka Sukamanah, Tasikmalaya.

[youtube http://www.youtube.com/watch?v=cZbio6YSYZo]

Oleh djadja

Seorang hamba Allah, ayah, suami, kepala rumah tangga (Commander In Chief), praktisi pendidikan, manajemen dan telematika yang mencoba merunduk di ladang ibadah

Tinggalkan komentar